
Lambang Garawangi
Lambang Garawangi
Penjelasan lambang Desa Garawangi
Nyusun Lambang Desa Garawangi henteu nyusul kanu jauh, moal neang ka nu anggang, nyungsi kanu tebih, tapi kenging ngali ti anu asli aya di Garawangi.Bentang anu caang di langit nu lenglang, lambang Katuhanan anu kawasa tur Esa
Sakumna masyarakat Garawangi ngagem Agama Islam, henteu kaselapan ku paham salian ti Islam.
Gunung Tilu puncakna, pasir Ketos, Pasir anjing/Lamping Salam sareng Gunung Tiga
Sadayana siga ngahaja di cipta ku anu Maha Kawasa pikeun ngajaga garawangi ti palih kidul. Watesna ti wetan lebak cidohdor, ti kidul Cigarawangi jeung Paumahan,...