Wilujeng Sumping di Blogna Urang Garawangi "Hayu urang wujudkeun Garawangi anu pinunjul"

Sekilas Garawangi

Lambang Garawangi
Lambang Garawangi
Penjelasan lambang Desa Garawangi
Nyusun Lambang Desa Garawangi henteu nyusul kanu jauh, moal neang ka nu anggang, nyungsi kanu tebih, tapi kenging ngali ti anu asli aya di Garawangi.
  • Bentang anu caang di langit nu lenglang, lambang Katuhanan anu kawasa tur Esa 
Sakumna masyarakat Garawangi ngagem Agama Islam, henteu kaselapan ku paham salian ti Islam.
    • Gunung Tilu puncakna, pasir Ketos, Pasir anjing/Lamping Salam sareng Gunung Tiga 
    Sadayana  siga ngahaja di cipta ku anu Maha Kawasa pikeun ngajaga garawangi ti palih kidul. Watesna ti wetan lebak cidohdor, ti kidul Cigarawangi jeung Paumahan, ti kulon Lebak Cipagadungan, ti kaler Cigede?Cisanggarung lambang Kakuatan jeung Kateguhan.
    • Sawah tilu lanjaran, upluk aplak di sabunderan Desa Garawangi palih kaler sareng wetan lambang kamakmuran 
    Mimiti aya pasawahan di Garawangi jasana Eyang Sindu Karia ngawangun wahangan Bantarwangi, ngocorkeun cai ti cigede/Cisanggarung kira-kira abad ka 18, margi incu sareng buyutna masih jumeneng (*Tahun 2010).
    • Walungan Tilu Lanjaran lambang Kahuripan 
    Di wilayah Garawangiaya Cigede/Cisanggarung palih kiduleun Desa. Wahangan Bantarwangi/Hawangan, Lebak Citangkolo, Lebak Cibuah, Lebak Pasar, Lebak Cijabun, Lebak Cibangka sareng Lebak Cilombang.
    • Batu/Mungkal anu  di Cigede, aya lima anu kasebut (tenar) sadayana aya di Cisanggarung nyaeta:
    1. Mungkal Cikumi;
    2. Batu Kareta;
    3. Batu Bangkong;
    4. Cadas Ngampar nu aya di Leuwi Sacaparaya
    5. Batu Panggula nu aya di Cipanggula lamping leuweung Garajaya.
    Batu eta ngalambangkeu kateguhan sareng kasungguhan ati tapi henteu kapala batu, sabab jumlah lima dadasar nagara urang Pancasila jeung rukun Islam anu lima.

    Sasanti Desa
    "GARAWANGI SUGIH MUKTI"
    Harti Lambang jeung Sasanti Desa Garawangi:
    1. GARAWANGI asal kecap GRAHAWANGI (Bahasa Kawi) anu hartina tempat anu seungit lir harumna kembang Malati. anu masihan ngaran ieu desa jasana Raden AYU WANGI GANDAWANGI anu disarengan ku Raden GANDA ATMAJA, RADEN GANDA SASMITA di asuh ku Ki RAGUG. Waktos ngawitan ngababak-babak ieu tempat jadi Desa GRAHAWANGI robah jadi GARAWANGI, bawahan Kadipaten KUNINGAN KASULTANAN CIREBON. henteu ngiring ka karajan GALUH PAKUAN bibit asal ti aranjeuna kira-kira abad ka 16. Lamun kapendak tanggal, bulan sareng tahuna tiasa dijadikeun Hari Jadi Garawangi. Patilasan Raden AYU WANGI GANDAWANGI anu ayeuna di wangun MUSHOLA ku Bapak H. AFAN MANSYUR, SE. wetaneun alun-alun Garawangi. Raden GANDA ATMAJA palih kidul wetan alun-alun. Raden GANDA SASMITA juru kidul kulon alun-alun. Pangasuh ki RAGUG linggih di palih Kaler alun-alun (Wallohu 'alam Bishawab).
    2. SUGIH, Sakedahna mah rakyat Garawangi teh sugih ku pangarti, beunghar ku pangabisa, terampil siga nu gampil, hampang birit, gede kadaek, leber wawanen, sumangetna henteu siga hurung baralak tapi lain pinter guminter. Sugih ku silih asih, ais pangampih, sopan santun, sabar tur jujur tawakaltu alalloh.
    3. MUKTI, beurat beunghar ku harta banda anu manfaat, jembar, barokah sareng toibah, lain meunang nyupang ngagarunggang, tipu ekol ngarah ngarinah, meres kasasama atanapi hasil ti anu haram. kedahnamah rakyat garawangi teh Patani anu mukti senang ati, padagang pada beunghar, pagawe/pamong desa sagala aya, gede gajih jeung pamere, tentara jeung pulisi loba rejeki, kiyai, ulama jeung ustad henteu kutud, silih asah, silih asih, silih asuh, sapapait samamanis, sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, silih jeujeuhkeun, silih omberan, jauh ti sirik pidik jail dengki, auyunan gotong royong babarengan sacabakna-sacabakna.
    4. Gunung/Pasir tilu puncakna, sawah jeung walungan tilu lanjaran, ngandung harti rakyat garawangi gaduh watek, sopan, sabar, jujur, sumanget gede, kadaek didorong ku niat nu kuat, dibarengan ku beresih ati, ngadoa zikir ka Gusti Nu Maha Suci, dina ngahontal cita-citana, nganteur kahayang sararea, tara putus asa ngagem 3 wasiat, Nista-Madya-Utama. Sakali usaha can hasil henteu leutik hate eleh deet, nyoba kadua bari jeung manuhun ka anu Kawasa, can kahontal terus maju nu katilu nyaeta utama. Sareng tilu tempat ieu bisa jadi modal ngawitan pikeun ngahontal cita-cita GARAWANGI SUGIH MUKTI. Gunung/pasir/leuweung lamun digarap anu bener, dipiara anu nyata bakal ngahasilkeun: Kayu, awi, bubuahan, huma, palawija, sayuran, suluh, jukut jeung madu-madu obat-obatan herbal. Sawah, lamun digarap saluyu jeung pituduh ti PPL Pertanian, bakal hasil jeung mucekil, tina pare, palawija, miara lauk balong, miara bebek, jeung sajabana. Walungan/Lebak, piara jeung lestarikeun, ulah dijadikeun jarian, laukna disetrum jeung diracunan, pasti ngahasilkeun: batu, keusik, pasir urug, lauk tur cai anu beresih manfaat kana sagalana. Ditambah ku kayakinan anu kuat, saluyu jeung pitunjuk/hukum agama Islam sareng rahayatna bersatu gotong royong sauyunan, moal lila GARAWANGI SUGIH MUKTI.

    Letak dan Keadaan Geografis

    Desa Garawangi sebagai Ibukota Kecamatan memiliki Luas sekitar 224,347 ha/m2 dan berjarak sekitar 7 km dari pusat Kota Kuningan. Dilihat dari posisi geografisnya Desa Garawangi  terletak di bagian tengah Kabupaten Kuningan berada pada lintasan jalan kabupaten yang menghubungkan Kecamatan Kuningan dengan Kecamatan Ciniru dan Kecamatan Lebakwangi. Secara administratif berbatasan dengan:

    Sebelah  Utara
    :
    Desa Mancagar & Sukamulya  (Garawangi), Desa Pagundan (Lebakwangi)
    Sebelah Selatan
    :
    Desa Pakembangan Kec. Garawangi
    Sebelah Timur
    :
    Desa Karamatwangi & Tambakbaya, P
    Sebelah Barat
    :
    Desa Purwasari


    Peta Garawangi dilihat dari Posisi Kabupaten Kuningan

    Kependudukan
    Berdasarkan sensus tahun 2010 penduduk garawangi berjumlah 3.646 jiwa yang terdiri dari laki-laki 1.866  jiwa dan perempuan 1.780 jiwa dengan jumlah kepala keluarga 1.012 KK, dengan demikian maka tingkat kepadatan benduduk sekitar 16 jiwa/km2.
    Read more »